NGAWANGKONG BUDAYA SUNDA

BUDAYA KULON, BUDAYA BANGSA JEUNG BUDAYA SUNDA

The crisis consists precisely in the fact that the old is dying and the new cannot be born; in this interregnum a great variety of morbid symptoms appear. (Krisis teh kaciri jelas dina kanyataan nu ngagambarkeun hal hal nu kolot, nu baheula mimiti leungit, tapi hal hal nu anyar can aya, nu kieu tah  mindeng ngajadikeun/ngamunculkeun kaayaan nu pikahoncewangeun, pikasieuneun)—(Antonio Gramsci, Filosof Itali, 1891-1937).

Sateuacan medar Budaya Sunda sacara khusus, tipayun urang ngobrolkeun  Budaya Sunda dina kaitan Budaya manusa di alam dunya. Ieu teh maksudna supaya urang apal pakuat pakaitna Budaya Sunda dina kacapangan budaya manusia nu ngeusi ieu alam dunya, nu ku kitu, kajadian silih pangaruhan manusa  jeung manusa, masyarakat jeung masyarakat nu nimbulkan parobahan2 dina cara hirup jeung kahirupan, dina hal ieu tangtuna budaya,  bisa rada kabaca ku urang, sabab tos sunatullah na yen manusa teh lahir ka alam dunya keur wawanohan dina hirup jeung kahirupan di alam fana ieu.

Dina sajarah mindeng dicaritakeun yen budaya2 heubeul nu aya tur berkembang teh nyaeta budaya Mesir, budaya China, Budaya India, nu sering dibere ngaran masing2 budaya utama nu pangaruhna gede pisan kana kahirupan manusia, sajalan jeung kamampuan nyebarkeunna ku wasilah dagang atawa perang. Kusabab can aya cara komunikasi saperti ayeuna, kaumumanna, pangaruhna teh kawates ku kamampuan eta, jadi tacan aya istilah globalisasi, mendunia, nu ngagambarkeun kasaragaman  budaya, ngan nu aya teh sifatna akulturasi, asimilasi, atawa silih pangaruhan budaya nu akhirna sok jadi campur aduk dina prakprakannana.

Budaya2 nu kasebut diluhur sok dingaranan BUDAYA WETAN, nu ciri utamana nyaeta ngabeungharkaeun kahirupan rohani, ieu tiasa katingal tina lobana kayakinan2 atawa agama nu berkembang di wewengkon wilayah budaya kasebut. Ieu beda jeung budaya nu lahir di beulah Kulon, nu umumna dikanyahokeun nyaeta budaya Yunani nu terus ngembang ka budaya Romawi, tah mimitina ti dieu kaluar ngaran BUDAYA KULON, nu kautamaan jeung diutamakeunna dina ngatik akal, nu ngalahirkeun elmu pangaweruh, sok sanajan dina perkembanganna Elmu pangaweruh teh ahirna jadi milik umat manusia, sabab saenyana eta lampah teh ngan ukur mikir bari nitenan naon nu aya di alam dunya, nu geus diatur dina katangtuannana, mun ayeunamah disebut Sunatullah, atawa Hukum Alam nu tetep ajeg, nu ku kitu tumerap kasaha bae sing jalma hirup di alam dunya.

Garis badagna, Budaya Kulon  numutkeun para Inohong Pangaweruh Budaya, sering dibedakeun dina hal hal utama, saperti To Thin Anh (1975) nu nyebutkeu yen aya tilu nilai  penting nu jadi dasar nilai2 dina budaya Kulon, nyaeta ngenaan MARTABAT MANUSA, KABEBASAN, jeung TEKNOLOGI. Dina Budaya Kulon Manusa teh jadi ukuran sagala rupa (Man is the measure of all things), hartina manusa boga kamampuan pikeun nyampurnakeun hirupna sorangan ku ngagunakeun akal jeung pangalaman, nu sagalana ngutamakan barang2 jasadi, nu bisa mere kanikmatan pikeun hirup di dunya. Dina ngalampahkeun hirupna, budaya Kulon nekenkeun kana kabebasan, ku sabab kitu tiap urang kudu usaha pikeun ngarebutna ku cara bersaing (pararebut). Ku sabab parebut, unggal urang kudu bisa gawe lewih irit tapi hasil, ceuk basa umum na mah efisien efektif, tah kusabab kitu ngadorong manusia pikeun ngasilkeun cara cara nu kitu, lahir berkembang teknologi nu terus dikembangkeun ku cara nganyari (inovasi), nu akhirnamah pan nu kuat beuki kuat nu lemah beuki lemah, boh pangeruhna, boh modalna.

Terus ari Budaya Wetan mah, masih numutkeun para inohong pangaweruh leuwih mentingkeun hal hal ruhaniah/jiwaniah tinimbang jasmani/jasadiah, terus nu jadi ukuran utama lain kuma manusa, tapi kudu ngait jeun ajaran kayakinan boh asalna tina agama boh budaya, yen aya nu leuwih kuasa batan manusa nyaeta Pangeran, Dewa, Tuhan, nu kusabab ieu pisan lahir ajaran2 moral jeung Agama dina kaayaan budaya Wetan, saperti Budha, Hindu, KongHu Cu, Kristen, Islam, jeung kayakinan2 lainna. Sajalan jeung eta, kahirupan manusa nu miboga  budaya Wetan leuwih nekenkeun kana HARMONI jeng alam kahirupan, sedengkeun budaya Kulon nekenkeun kana patokan Manusa nu wujudna KOMPETISI/KONFLIK/PAREBUT.

Boh Budaya Kulon atawa Wetan, ngabogaan kakurangan jeung kalewihan sewang sewangan, kusabab nekenkeun harmoni, urang wetan bisa ngorbankeun kahayang diri pikeun ngajaga beres roesna nu sejen, boh individu boh kelompok masyarakat, tapi beungkeutan duduluran pasti kacida kuatna, sabab dilarapkan keur babarengan. Sedengkeun na budaya Kulon mah lewih nekenkeun kana usaha diri supaya bisa ngarebut nu dibutuhkeun, leuwih terbuka sikapna, terus terang teu disampat sumput sanajan bisa nguciwakeun nu sejen. Disagigireun eta urang Wetan mah lewih ngandelkeun intuisi/kereteg hate tinimbang akal fikiran/ilmu pangaweruh nu lewih utama dina budaya Kulon.

Bedana budaya eta alusnamah jadi bahan pikeun urang diajar, urang/budaya Wetan diajar supaya faham kana budaya Kulon, kitu deui urang Kulon, lain hartina urang wetan diajar faham budaya kulon supaya jadi urang kulon dina budayana, tapi pikeun nguatkeun diri, yen budaya wetan teh budaya nu luhung tur geus jadi nilai tur dasar nu dipake ku nenek moyang tur karuhun urang dina ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara, dina gawe bareng tur ngembangkeun masyarakat, nu kumaha bae oge geus jadi cukang lantaran ayana urang jeung kahirupan urang sadaya ayeuna.

Budaya Kulon Budaya Wetan teh sabenerna pikeun ngababarikeun dina nilik ciri ciri na sacara umum, sabab nu kaasup budaya kulon oge loba macemna, kitu deui budaya wetan. Biasana lamun make kelompok gede (Kulon jeung Wetan) nu ditempo teh kaumuman nu sarua aya dina macem macem budaya nu kawengkuna. Supaya leuwih eces Budaya Kulon teh nyaeta budaya nu berkembang di daerah2 Eropa jeung Amerika, sedeng Budaya Wetan nyaeta budaya nu berkembang di daerah Asia kaasup Indonesia.

Lamun dilarapkeun kana ciri, sifat atawa karakter manusana, ceuk para inohong, Budaya Kulon jeng Budaya Wetan teh, diantarana kaciri tina sifat, karakter nu sabagianna bakal disebutkeun di handap :

1. Manusa nu miboga Budaya Kulon:

# Individualistik, kuat Indivualismena

# Dorongan hirup mandiri kuat

# Kacida ngahargaan kana waktu (tepat waktu)

# Dorongan unggulna luhur (High need for achievement)

# Dorongan Guyubna kurang (Low need for affiliation)

# Leuwih pilihan (selektif) dina sagala rupa

# Disiplin kacida

# Egaliter

# Mun ngomong tara malipir langsung saceplasna. (to the point)

# longgar dina ngajaga etika

# Leuwih blak blakan (terbuka)/ekstrovert

2. Manusa nu miboga Budaya Wetan:

# Gotong royong, kurang individualismena

# kurang dorongan kana hirup mandiri

# Kurang ngahargaan kana waktu

# Guyubna kuat (high need for affiliation)

# Dorongan unggulna handap (Low need for achievement)

# kacida dina ngajaga  etika

# cenderung feodalistik

# hormat pisan ka kolot

# Memegang teguh nilai adat-istiadat

# Introvert (tertutup)

Naon nu disebut diluhur mung saukur sifat nu pokok nu umumna aya dina sifat jeung prilaku urang Kulon jeung urang Wetan, lain hartina kabeh manusa kitu, tapi ieu mah pikeun ngabedakeun kaumuman manusa nu mibanda, ngalarapkeun budaya Kulon jeung budaya wetan. Sanusi Pane dina Polemik Kebudayaan tahun 1935-an leuwih nyederhanakeun Yen Budaya Kulon mah sifatna MATERIALISME, INTELEKTUALISME, INDIVIDUALISME, sedengkeun Budaya Wetan mah sifatna SPIRITUALISME, PERASAAN, KOLEKTIVISME, lamun dina conto manusa namah cenah Budaya Barat mah FAUST, budaya Timur mah ARJUNA.

Jadi kacida bedana eta dua budaya, sok sanajan pangaruh jeung mangaruhan terus kajadian dina hirup kumbuh manusa ti mulai kenal, Dijajah ngajajah, tur merdeka na bangsa2 wetan (jeung budayana) kaasup Indonesia, tina panjajahan bangsa kulon (jeung budayana), ku kondisi kitu Sanusi Pane boga pamikiran nu ditulis na Koran Suara Umum, 4 September 1935 :

 “Zaman sekarang ialah terusan zaman dahulu….Haluan yang sempurna ialah menyatukan Faust dan Arjuna, memesrakan materialisme, intellectualisme dan individulisme dengan spiritualisme, perasaan dan collectivisme”.

Itu teh ngandung harti yen boh budaya kulon boh budaya wetan, boga kaunggulan jeung kakuranganna sewang sewangan. Nu alus ti budaya kulon taya salahna di larapkeun dina budaya wetan, pon kitu deui sabalikna. Tapi, tangtuna Loba oge nu teu satuju kana nyampurken nilai nilai budayana, sabab sok aya oge pamikiran, malahan boga kayakinan, yen Budaya Kulon bisa jadi andelan keur kamajuan jeung ngamajukeun masyarakat.

Mun hayang maju tuh contoh urang Kulon nu nagarana maraju ti baheula waktu ngajajah tur nepi kaayeuna nu masih keneh ngajajah dina cara nu beda tangtuna oge.

Tah dina situasi budaya nu saperti kitu, Bangsa Indonesia ti mulai merdeka utamana, terus ngawangun hirup jeung kahirupan bangsa keur ngahontal kaadilan jeung kamakmuran rahayat kabeh, nu sok jadi patanyaan teh naha bisa budaya Wetan ngawangun nurutan rakyat, nagara nu miboga budaya kulon, sakapeung mah sok nombulkeun rasa minder nyanghareupan kamajuan nu umumna ditembongkeun aya di rahayat, nagara nu boga budaya kulon. Tah kahareup urang caritakeun budaya bangsa urang nu tangtuna aya di golongan budaya wetan, tapi lila diatur ku bangsa nu boga budaya kulon, naha kumaha tah kamungkinan kamungkinan kahareupna..?cag heula dugi ka dieu insya Allah engke urang ngawangkong deui..(nyambung)

Sanggeus medar budaya kulon jeung budaya wetan dina garis badagna, kagambar bedana, malah mah bisa disebutkeun patojaiah pisan eta dua budaya teh, tapi tangtuna aya bae kaleuwihan jeung kakurangan sewang sewangan nu perlu di kanyahokeun tur dijadikeun dasar pikeun silih diajar pikeun kaalusan hirup manusa  nu sarua makhluk Gusti nu Maha Suci. Sabab salaku makhluk Gusti, Budaya teh ngarupakeun hasil kakuatan akal fikir  nu dianugrahkeun ka sakabeh manusa, numatak kitu manusa teh sok disebut Homo Sapien (Makhluk nu bisa mikir) atawa Hayawan an Natiq. Dina ngagunakeun akal tangtu teu sarua kabehanana, sabab aya pakuat pakaitna jeung lingkungan alam  lingkungan sosial dimana manusa eta hirup

Tah, ayeuna urang pedar garis badagna Budaya Bangsa, anu tangtuna dimaknaan bangsa Indonesia. Ti mimiti, kudu jelas heula yen budaya bangsa (Indonesia) teh kaasup budaya Wetan, nu leuwih nekenkeun kana spiritualistik tur harmoni. Spiritualistik hartina budaya wetan, kaasup budaya Indonesia, percaya kana wujud tur kakuatan hal hal nu di luar alam jasadi, saperti kayakinan dinamisme, animisme, nu terus jadi kakuatan pikeun yakin tur tiginna kana agama.

Dina palebah dieu Indonesia teh ngawengku wewengkon nu diproklamasikeun tahun 45, jadi ngarupakeun beungkeutan politik, lain beungkeutan budaya, sabab sacara budaya mah Malayasia, Brunei Singapura bisa sarua budayana, malahan mun nilik kana sajarah majapahit pan pernah aya dina kakuasaan Raja-raja di Jawa. Tapi pan ayeuna mah boga kakuasaan sewang sewangan nu teu bisa dihijikeun dina beungkeutan politik sok sanajan dina beungketan budaya mah tangtuna bisa bae dihijikeun, nu jelas masih asup kana golongan budaya Wetan.

Naon ari nu disebut Kabudayaan Bangsa atawa Kabudayaan Nasional teh?, numutkeun dasar legal formal Kabudayaan Bangsa teh ngarupakeun:

“Perwujudan cipta, karya dan karsa bangsa Indonesia dan merupakan keseluruhan daya upaya manusia Indonesia untuk mengembangkan harkat dan martabat sebagai bangsa, serta diarahkan untuk memberikan wawasan dan makna pada pembangunan nasional dalam segenap bidang kehidupan bangsa”(TAP MPR No. II tahun 1998)

Harti di luhur ngagambarkeun harti nu umum pisan bari jeng dikaitkeun keur ngawangun bangsa, tapi teu jelas nu mana tur nu kumaha Budaya bangsa teh. Pikeun ngecesken harti kebudayaan bangsa, dihandap ieu bakal dinukil fikiran-fikiran para ahli dina ngamaknaan budaya bangsa/budaya nasional :

“Kebudayaan nasional Indonesia sebagai suatu kebudayaan yang universal. Unsur-unsur dikreasikan terutama yang masih langka dan dimiliki masyarakat Indonesia masa itu, yaitu: teknologi, ekonomi, keterampilan berorganisasi, ilmu pengetahuan. Upaya mengkreasi ke arah itu bisa dicapai lewat usaha mempertajam rasio (akal) masyarakat Indonesia dengan mengambil alih dinamisme Barat”.( Sutan Takdir Alisyahbana)

“Kebudayaan nasional Indonesia sebagai kebudayaan timur, harus mementingkan unsur-unsur kerohanian, perasaan, dan gotong-royong”.(Sanusi Pane)

“Kebudayaan nasional Indonesia harus berakar pada kebudayaan Indonesia sendiri, artinya harus berakar pada kebudayaan suku-suku bangsa yang ada di Nusantara. Dianjurkan pula agar manusia Indonesia banyak mempelajari sejarah kebudayaan sendiri.(Poerbatjaraka)

Kebudayaan nasional Indonesia adalah puncak kebudayaan daerah. Dalam hal ini ia telah memasukkan aspek mutu karena ungkapan puncak berarti unsur-unsur kebudayaan daerah yang paling tinggi mutunya.(Ki Hajar Dewantara)

“Kebudayaan nasional merupakan karya warga negara Indonesia, termasuk juga karya-karya zaman dahulu di berbagai wilayah tanah air. Kebudayaan nasional merupakan hasil karya warga negara Indonesia yang tema pikiran dan wujudnya mengandung ciri-ciri khas Indonesia. Kebudayaan nasional merupakan hasil karya warga Indonesia dan umumnya dirasakan memiliki nilai yang tinggi sehingga menjadi kebanggaan orang Indonesia”.(Koentjaraningrat)

Harti ceuk Takdir Alisyahbana kacida umumna malah mah teu ngabedakan ayana budaya Kulon jeung budaya wetan, tapi ngeceskeun yen budaya nasional teh budaya universal nu nekenkeun rasio, padahal budaya Bangsa aya dina kalompok budaya wetan, hal ieu teu aneh sabab Alisyahbana mah hayang Bangsa Indonesia teh nurutan Budaya Kulon amih dinamis tur bisa maju cenah, hal eta geus ditulis ku mantenna tahun 1935 an dina Kajadian Polemik Kebudayaan, hiji paguneman ngenaan budaya bangsa nu kacida cerdasna nu ngalibatkeun pamikir pamikir bangsa.

Ringkesnamah Kabudayaan Bangsa teh ngarupakeun daya upaya hiji bangsa dina ngagunakeun akal tarekah pikeun ngurus hirup jeung kahirupan manusa nu jadi papagon dina enggoning ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara, babakuna dina kahirupan sosial masyarakat. Kukituna budaya bangsa bisa jadi hiji pamengkeut kahirupan rahayat hiji bangsa, tapi kumaha negeskeunna eta budya bangsa teh?, nu utama tangtuna beungkeutan politik dumasar kana kemerdekaan bangsa, dina hal ieu Bangsa indonesia nu merdeka tahun 1945. Naon sababna?, taya lian kulantaran mun diukur ku suku-suku tangtu nu di Brunei, Malayasia, tur Singapura oge kudu jadi dasar nempo budaya nu sarua, tapi beungkeutan politik tangtuna kudu dipisahkeun sabab teu kaasup kana beungkeutan bangsa Indonesia.

Sok sanajan kitu, tetep bae rada keder mun urang ngomongkeun budaya bangsa Indonesia, sabab loba pisan suku suku nu boga budaya sewang sewangan nu beda, tapi najan kitu nilai nilai namah loba nu sarua. Naha kudu nu saruana bae nu bisa disebut budaya bangsa teh?, tah didieu para inohong nyebutkeun yan budaya bangsa teh ngarupakeun puncak-puncak tina budaya daerah. Dina kasulitan nyaruakeun budaya suku suku, nu moal bisa laksana, para inohong nyobaan ngagabungkeunna tapi dina sifat jeung karakter manusa na, sabab ieu dianggap lewih merenah pikeun ngagambarkeun budaya bangsa indonesia, sabab esensinamah budaya teh nilai-nilai nu jadi papagon atawa cantelan manusa dina ngajalankeun kahirupan.

Salah saurang inohong budaya tur sastrawan, Mochtar Lubis, dina pidatona di TIM taun 1977 nyebutkeun aya genep sifat, ciri, karakter manusa indonesia (berbudaya bangsa) nu utama, tangtuna ieu dumasar kana tilikan sajarah, tilikan budaya tur toongan sapopoe nu kaciri dina sifat jeung prilaku manusa indonesia. Cara kieu teh bisa dianggap nilik budaya bangsa dumasar ciri laku manusa na, naon sababna, sabab dina hirup teh budaya diciptakeun ku manusa, sanggeus aya ciptaan budayana terus ngiket manusa pikeun ngalarapkeunana, proses ieu ceuk Berger (2013) persis seperti tilu tahap kahirupan sosial nyaeta : Eksternalisasi, Obyektivasi, jeung Internalisasi. Lantaran kitu cara kieu bisa ngagambarkeun kaayaan manusa indonesa nu diwangun ku budayana, dina ngaropea alam jeung dina berhubungan sosial jeng manusa sejenna di masyarakat sewang sewangan na beungkeutan bangsa indonesia.

Naon bae nu kawengku dina genep ciri utama manusa indonesia teh?, Mochtar Lubis (2017)  nyebutkeun yen ciri manusa indonesia teh :

 Munafik (Hipokritis). Manusa indonesia sok nunjukeun kapura puraan, lain dihareup lain ditukang, ieu teh kusabab manusa indonesa dipaksa ku kakuatan kakuatan luar pikeun nyumputkeun naon nu sabenerna kajadian, naon anu sabenerna dirasa, naon anu sabenerna difikiran, naon anu sabenerna dipikahayang, dina basa ayeunamah jigana meureun ngahirib hirib kana istilah ABS, alias jiga enya padahal bohong eusinamah nu penting dunungan bungah.

Enggan Bertanggungjawab atas Perbuatannya (males tanggungjawab kana kalakuan nu dipilampahna), bukan saya, alias sanes abdi, teu terang abdimah, sering jadi basa nu nunjukkeun yen dirina teu ngalakukeun padahal nu saenyana manehna nu kitu teh, jadi hese rek nyebut tanggel waler abdi teh, umumna mah mun aya kajadian dina gempungan terus ditanya saha nu milampahna, jawabanna duka, sanes abdi, padahal sarerea araya keneh di dinya.

Jiwa Feodal. Ngarupakeun lalampahan nu deukeut deukeut kana ngamenak lamun hiji jalma jadi pimpinan, bawahan kudu hormat pisan sirikna teu nyembah nyembah. Sering mun istri pajabat dina organisasi mindeng pisan jadi katua najan teu aya kamampuan oge, jigana teu pantes mun jadi anggota teh, tah ieu teh nunjukkeun jiwa jeung sikap feodal.

Percaya Takhayul. Kana jurig dedemit masih percaya, masih yakin makam karamat nu bisa ngabantu, atawa mangaruhan kana kahirupan, usaha dinahakeun tapi dudukun oge jalan, ieu ngarupakeun kayakinan yen aya nu lewih kuasa batan dirina batan atasanna, tapi teu dikaitkeun ka Pangeran. Sabab mun yakin ka Pangeran mah tangtuna oge moal kitu.

Artistik. Kayakinan kana takhayul teh bisa ngadeukeutken manusa ka Alam, malahan kusabab kitu terus dikembangkeun senina, nu sering ngarupakeun panghormatan ka para leluhur, roh roh nu dianggap kuasa. Kulantara kitu jiwa senina terung ngembang dina raraga upacara ngahormatan para dewa, roh atawa leluhur nu dianggap mangaruhan hirup.

Watak yang Lemah. Manusa indonesia umumna kurang kuat dina mempertahankeun diri, gampang nyerah, daya survival na lemah, sering milu arus kuasa sanajan ngorbankeun ide tur cita cita, ieu bisa disebut pelacuran intelektuat, atawa ceuk Julien Benda mah The Betrayal of Intelectuals.

Naon nu geus ditepikeun di luhur ngarupakeun ciri anu utama manusa nu kabentuk ku budaya bangsa. Sagigireun eta, Mochtar Lubis oge nyebutkeun aya deui ciri sejenna manusa indonesia nu sifatna goreng, nyaeta:

Boros

Tidak suka kerja keras

Ingin cepat kaya

Kurang sabar

Dengki pd orang lain yang maju

Mudah memfitnah

Mabuk kekuasaan, dan berusaha dg segala cara untuk mempertahankan kekuasannya.

Tukang tiru, sehingga mudah kehilangan identitas sebagai bangsa.

Kejam, koruptif, tidak/kurang peduli orang lain

Naon nu di pedar ngenaan manusa indonesia jeung ciri cirina ngakibatkeun loba nu teu satuju kana eta pamadegan, padungdengan terus kajadian ti mulai nu ngadukung nepi ka nu nolak sabab dianggap ngan nempo ciri sifat jeung kalakuan goreng nu kapintonkeun dina lalampahan sabagian manusa indonesia, kusabab kitu teu ngagambarkeun sifat etnografisna, tapi individu, kumpulan individu anu bisa aya di manusa mana bae sabab aya pakaitna jeung sifat, ciri manusa salaku makhluk Gusti, alusna aya nu gorengna oge aya, tinggal nempo kaayaan hirupna jeung wewengkon nu ngabentukna atawa nu ngadidikna nu mangaruhan kana sikap jeung lalampahanna.(nyambung)

Lamun urang nempo kana sajarah bangsa, ciri ciri eta sering aya dina lalampahan panguasa karajaan, ti mimiti karajaan Kalingga, Kahuripan, Mataram kuno, Janggala, Kadiri, Singasari, Majapahit nu asup kana karajaan hindu, budha, nepi ka kasultanan Demak, Pajang, Mataram Islam, pon kitu deui di tatar sunda saperti Kerajaan Galuh, Pajajaran, kasultanan banten nu bisa jadi eunteung keur urang yen fitnah, perang diantara dulur kandung, tur barontak pikeun meunang kakuasaan di unggal karajaan eta, boh nu dasarna hindu, budha, atawa islam, ku kituna rada munasabah mun ciri diluhur teh teu ngait kana agama, tapi kana potensi nu aya dina pribadi unggal manusia.

Kaayaan etateh teu kudu jadi beungbeurat keur urang, sabab nu pentingmah dimana peran manusa dina mepes ciri lampah nu goreng tur motekarkeun ciri lampah nu alus, dina lebah dieu pendidikan, atikan nu dilakukeun kulawarga, Sakola, Pasantren jeung masyarakat jadi hal anu penting pikeun ngawangun manusa nu alus, berakhlak karimah, disajalankeun jeung kaadaban budaya manusa nu ngabebaskeun dina nuju kahirupan nu leuwih makmur tur bagja kalayan ngabagjakeun manusa, rahayat kabeh.

Dina awal orde baru nu sering disebut orde pangwangunan, masalah budaya bangsa haneut deui di padungdengkeun, ieu pakait jeung mentalitas manusa indonesia nu perlu pikeun nguatkeun ulubiung rahayat dina pangwangunan. Loba program pangwangunan nu sering kurang dirojong ku rahayat kusabab dianggap teu sajalan jeng budayana, tah para inohong ngaluarkeun pendapat sewang sewangan ngenaan ciri manusa indonesia nu perlu dipikanyaho pikeun nangtukeun cara nu tepat dina ngawangunna. Sodjatmoko (1984), nu pernah jadi rektor universitas PBB, memeh Ajip Rosidi, minangka nu sering ngaitkeun kabudayaan jeng pangwangunan, nu inti namah negeskeun yen lamun teu mirosea kabudayaan, pangwangunan moal bisa dilaksanakeun dina kalancaran.

Disagigireun eta Koentjaraningrat salah saurang inohong Antropologi oge miluan dina mere pendapat, malahan dina bukuna Kebudayaan, Mentalitet dan Pembangunan (1980), ngungkap macem macem masalah nu pakait hubungan kabudayaan jeng mentalitas nu diperlukan pikeun ngahontal tujuan pangwangunan. Dina ieu hal Koentjaraningrat ngungkapkeun sababaraha mentalitas manusa indonesa nu bisa ngahambat kana pangwangunan nyaeta:

Mentalitas yang meremehkan mutu,

Mentalitas suka menerabas,

Sifat tidak (kurang) percaya kepada diri sendiri,

Sifat tidak (kurang) berdisiplin murni

Sifat tidak (kurang) bertanggung jawab.

Koentjaraningrat henteu ngagambarkeun ciri manusia indonesia sacara umum saperti Mochtar Lubis, tapi fokus kana ciri mental nu bisa ngahambat pangwangunan, atawa sahenteuna ngakibatkeun pangwangunan teu lancar. Pamadegan Koentjaraningrat di luhur, lamun  dibandingkeun, kaciri aya nu ngahirib hirib jeung nu ditepikeun ku Mochtar Lubis dina bagian bagianna, atawa dina penjabaranna, sok sanajan pamadegan ieu oge teu sepi tina kritikan.

Sok sanajan kitu, usaha Dua inohong ngenaan sifat manusa indonesia, tetep penting dina ngabantu urang faham kana kondisi kahirupan bangsa, kaasup kaayaan kiwari nu mun dibandingkeung asana loba nu sarua dina sikap jeung lampah nu katempo utamina mun urang nempo para penguasa, pajabat jaman kiwari, oge dina kajadian kajadian nu aya di masyarakat. Dina lebah dieu urang bisa ngupayakeun kumaha cara nu bisa dilakukeun pikeun nguatkeun ciri nu alus, jeung ngalengitken/mepes/ngurangan ciri nu goreng. Jigana Pendidikan, Atikan boh di kulawarga atawa di masyarakat kudu lewih nekenkeun  kana karakter, sikap tur lampah nu sapagodos jeung budaya bangsa, nu tangtuna agama jadi hal penting dina masalah eta. Tah dina kaayaan nu saperti kitu, Budaya Sunda aya tur boga peran dina ngawangun budaya bangsa.

Naon ari Kabudayaan Sunda teh ?….hayu urang talungtik maknana.  Dina kacapangan balarea,   Kabudayaan teh ngarupakeung hasil tarekah akal budi manusa dina ngeusian hirup jeung kahirupan di dunya. Kabudayaan dihasilkeun ku manusa, tapi lamun kabudayaan geus ngajadi, sok ngiket manusa nu nyieunna, sababna mah taya lian iwal ti budaya lahir pikeun ngatur hirup manusa supaya beres dina ngalampahkeun peran hirup, jadi mun manusa hayang hirup akur tur ditarima ku nu sejen, kudu apal jeung milampah kalakuan nu sapagodos jeung nilai nilai budaya nu diagem ku manusa jeung masyarakatna. Ceuk Peter L Berger (2013) mah produsen budaya nyaeta manusa teh akhirna jadi konsumen hasil budayana, sok sanajan ke manusa ngahasilkeun deui budaya nu beda atawa robah, tapi ke namah jadi konsumen deui. Proses etateh ku Berger ( nyorang tilu kajadian nyaeta Eksternalisasi — Obyektivasi — Internalisasi.

Tina tilu kajadian, atawa tahapan eta ngalahirkeun budaya nu jadi papagon dina hubungan manusa jeung manusa, manusa jeung alam tur manusa jeung Gusti Nu Maha Suci, nu tangtuna oge pacampur jeung ajaran Agama nu datangna ti Pangeran nu di dakwahkeun ku para utusanna. Ajaran Agama ieu tangtuna bakal mangaruhan kana budaya manusia, nu salah diberesihan, nu geus alus dituluykeun make nilai-nilai agama nu jadi dasarna, nu can aya diayakeun nurutkeun ajaran agama dina aturan-aturanna nu beuki lila beuki jadi bagian budayana.

Jadi ngagunemkeun budaya teh rada rumit pakuat pakaitna, tapi sok sanajan kitu urang sakabehna sabenerna hirup dina lautan budaya nu diwariskeun ti para karuhun ka urang ku jalan diajar boh ti kolot urang atawa ti rahayat dimana urang hirup. Tah kusabab kitu hayu urang diajar deui ngagunemkeun obrolan ngenaan budaya, susuganan tina Obrolan jadi Gagasan, tina Gagasan jadi Lalampahan nu bisa mawa kana kahadean keur hirup jeung kahirupan utamana keur urang salaku urang sunda, nu sacara individu mah meureun aya ngahirib hirib jeung ciri manusa indonesia, tapi jigana teu sagemblengna eta oge (Ayip Rosidi dina Buku Manusia Sunda nyebutkeun oge hal eta) saperti nu geus ditepikeun dana paguneman samemehna.

Tah ayeuna urang mimitian ku nanya : Naon ari Kabudayaan Sunda teh..?, urang sunda tangtu ngarasa kasundaan dina kahirupan, lantaran kitu, biasana patanyaan tadi, teu pati dipirosea, lantaran budaya sundana tos ngarasa nempel dina kabiasaan, sok sanajan teu jelas lebah naonna, naha dina papakean, dina bahasa atawa di kaseniaan, lamun eta bae nu dijadikeun papagon, asana teh kaseueuran urang sunda tos teu pati jiga urang sunda dina budayana, mung saukur dina acara formal bae sok jiga teh sapertos “KEMIS NYUNDA”, REBO NYUNDA, JUMAAH NYUNDA  jrrd,   cobi naon nu nyunda na..? papakean cenah, teras pami jalmi bule ti luar nganggo pakean Sunda, nyas nyis nyos bahasa deungeun, naha manehna rek disebut Nyunda atawa ngabudaya sunda ?. 

Tangtuna oge rada hese nyimpulkeunana, lantaran ari budaya teh ngarupakeun sagala hasil akal fikiran (mikir) dina nyanghareupan masalah kahirupan boh nu pakuat pakait jeung alam fisik atawa alam kahirupan sosial, atawa jeung Pangeranna, nu ngahasilkeun nilai-nilai, norma-norma,sareng simbul-simbul nu ngawujud dina rasa, gerak, tur barang barang jijieunana (artefak-artefak). Tah, kumargi kitu saena urang pedar heula ngenaan kecap Budaya (nu engkena dipatalikeun sareng kecap Sunda). Numutkeun pamadegan inohong Antropologi di Indonesia, Koentjaraningrat, anjeunna mertelaken yen:

kebudayaan  merupakan keseluruhan suatu sistem gagasan, tindakan, serta hasil karya manusia dalam kehidupan. Kebudayan juga dijadikan milik diri tiap manusia dengan belajar.

Jadi budaya teh ayana dina ide/gagasan, kalakuan tur hasil jijieunan manusa nu katempo dina kahirupan, ieu sajalan jeng harti kebudayaan dina UU No. 5 tahun 2017 ngenaan Pemajuan Kebudayaan Bab 1 Pasal 1 nu  nyebutkeun  yen :

Kebudayaan adalah segala sesuatu yang berkaitan dengan cipta, rasa, karsa, dan hasil karya masyarakat.

Kebudayaan Nasional Indonesia adalah keseluruhan proses dan hasil interaksi antar-Kebudayaan yang hidup dan berkembang di Indonesia.

Kumaha eta budaya jadi milik manusia, dina harti dilarapkeun na kahirupanna, kumaha bisa nyahona?, ku cara diajar. Diajar teh hartina interaksi, wawanohan antar manusa, antar budaya nu nimbulkeun enkulturasi/pembudayaan dina hirup jeung kahirupan manusa di masyarakat, umumna masyarakat Indonesia, atuh khususna masyarakat Sunda. Tah lebah dieu kolot urang nu diajar ti kolotna jeng kahirupan masyarakatna, nepikeun deui ka urang, ku wasilah atikan boh ayana dina aturan atawa dina dongeng dongeng nu dicaritakeun ku kolot urang atawa nu jadi kanyaho dina kacapangan jeung lalampahan rahayat di masyarakat.

Kusabab budaya teh khas manusa, nu hartina kabeh manusa di alam dunya pasti hirupna miboga budaya sewang sewangan, ku kituna, Para inohong elmu nyobaan ngawilah wilah naon bae nu bisa asup kana unsur budaya manusa nu aya dina kahirupan sakabeh manusa, tah na lebah dieu urang nyokot pamadegan Koentjaraningrat nu netelakan yen unsur unsur budaya nu umum, nu aya di sakabeh kahirupan manusa dimana bae (budaya universal) , sering disebut Cultural Universals nu  ngawengku tujuh unsur nyaeta :

Bahasa.

Sistem Pengetahuan.

Sistem Kemasyarakatan atau Organisasi Sosial.

Sistem Peralatan Hidup dan Teknologi.

Sistem Mata Pencaharian Hidup.

Sistem Religi.

Kesenian.

Gampangna mah tujuh unsur budaya di luhur panginten bisa disebutan hiji-hiji nyaeta : Basa, Elmu pangaweruh, cara  kahirupan masyarakat tur lembagana, Teknologi, Ekonomi, Agama, jeung Kasenian. Terus naha aya nu disebut Budaya sunda nu bener bener asli, lantaran ti mimiti jaman sajarah abad 5 Masehi pan pangaruh Hindu terus Budha kacida kuatna, saperti nu dicaritakeun dina sajarah yen karajaan mimiti di Sunda teh pan Tarumanagara, Karjaan sunda, Karajaan Pajajaran, nu jelas pangaruh agama hinduna, sedengkeun jaman pra sajarah namah pan susah digambarkeunana ceuk para inohong oge.

Tapi lah urang mah tong ngabibingung diri, nu penting dikanyahokeun mah yen dina perjalanan hirup urang sunda jelas geus loba pangaruh ti macem macem budaya boh dasar Agama atawa nu sejenna, pan urang sunda oge umumna nyeukeul agama islam ku pangaruhna dakwah Sunan Gunung Jati, tangtuna pangaruh islam kana budaya sunda pasti gede, katambah nu ceuk sajarah mah beuki kuatna pangaruh etateh ti jaman karajaan Mataram Islam utamana jaman kakuasaan Sulthan Agung (1613-1645).

Tah geuning asa pabaliut kitu nya, tapi urangmah kahareupna rek ngobrolkeun budaya sunda ku cara nu gampang bae, moal make cara etnografis, tapi make tilikan inohong inohong nu maranggung dina budaya sunda, boh dina dongeng atawa dina kanyataan nu pastina eta maranehna ngagambarkeun saeutik geudena budaya sunda nu jadi nilai nilai dina mikir, ngarasa, tur ngalampahkeunna dina kahirupan.

Kabudayaan Sunda Jeung Parobahan. Dumasar kana pedaran samemehna, bisa disebutkeun ku urang yen Kabudayaan sunda ngarupikeun kabudayaan nu aya, dihasilkeun ku Suku Sunda,  ngawengku tujuh unsur  budaya universal, nu lamun ningal tina wewengkon hirupna aya di  Tatar Pasundan beulah kulon pulau Jawa. tur hirupna lolobana aya di   provinsi Jawa Barat sareng Banten. Eta harti kabudayaan sunda nu ngagambarkeun kaayaan manusa jeung masyarakatna. Sedengkeun lamun ditempo  makna fiosofis basana, Kecap sunda teh asalna tina basa sanskerta: tina kecap sund atawa suddha nu hartosna Cahayaan (bercahaya), caang, bodas. Lamun tina jihat basa ieu, nandakeun yen geus aya pangaruh basa sanskerta nu bareng jeung asupna pangaruh agama Hindu, tangtuna bisa ngajelaskeun yen urang sunda teh sikap paripolahna Terbuka dina kabudayaanna, bisa narima parobahan nu tangtuna sapagodos jeung adat tradisi nu geus aya, diwariskeun ku karuhun karuhun dina cara mikir, cara sikep jeung paripolah.

Dina sajarah manusia, tangtuna manusa sunda, dicaritakeun yen awalna manusa wawawuhan, sosobatan tepung rasa, ngawangkong teh nganggo basa isyarat, teras nganggo tatabeuhan, teras nganggo tanda tanda, lamun diucapkeun jadi kecap, jadi basa, nu terusna jadi tulisan. Dina waktu pra sejarah numutkeun para inohong pangaweruh, basa sunda teh (sunda buhun) ngawitanna kenging pangaruh ti bahasa sansekerta, hurup palawa, teras tina basa jawa (kuno) nu patali jeung undak usuk basa. Dina waktu karajaan Tarumanegara, para inohong, menak menak, pajabat pajabat nganggo basa sansekerta, nu pangaruhna bareng jeung agama hindu ti India, sanaos teu patos jelas pami rahayat umumna make basa naon, ngan dikira-kira geus make basa sunda buhun utamina dina waktos karajaan Pajajaran, karajaan Galuh, nu tos kacatet dina carita-carita pantun anu make basa sunda.

Sanes mung agama hindu (bahasa sanskerta) nu mangaruhan budaya sunda, waktos Kasulthanan Islam Demak, ngawitan lebet pangaruh agama islam, nu nimbulkeun parobahan gede di karajaan pajajaran, nu dina salah sawios tilikan (aya tilikan sanesna nya eta Leuweung Sancang) sejarah dicarioskeun yen saprantosna Kian Santang mulang ti Arab, tos Islam, waktos ngadakwahkeun ka ramana Prabu Siliwangi, teu kersaeun teras angkat ka Banten dikawal ku 40 abdi satiana dugi ka ngantunkeun, tah nu 40 urang teh bumen bumen di Kanekes, nu ayeun sok disebut urang baduy (badui), nu kayakinanna numutkeun basa Falsafah mah eklektik, campur baur antawis kapercayaan kana roh roh (animisme) sareng agama hindu, aya nu nyebat agamana teh Agama Sunda Wiwitan.

Dina kacapangan balarea, sering disebut mun hayang nyaho kabudayaan sunda jeung urang sunda, tempo bae urang baduy sok sanaos Ajip Rosidi dina bukuna Manusa Sunda, bari negeskeun susahna nyirikeun budaya manusa sunda, masihan contoh budaya urang sunda teh ti ngawitan Prabu siliwangi, mundinglaya di kusumah, purbasari, sangkuriang, dugi ka si kabayan dina aspek nilai, norma tur prilakuna. Ieu cara teh nu disebut Pendekatan Tokoh atawa Wanda Tilikan Inohong, nu ngarupakeun tarekah nganyahokeun budaya sunda ti jalma jalma anu  boga peran gede di masyarakat, boh dumasar carita legenda atawa sacara nyata nu masih katempo juntrunganna dina mangsa manusa sunda kapapancenan hiji peran dina kahirupan nu pangaruhna gede boh ka masyarakat umum atawa msyarakat sunda khususna.

Unggal Budaya umumna ngandung unsur unsur anu tujuh, tapi dina nyatanamah ngahiji jadi beungkeutan sosial masyarakat, alat ngabeungkeut utamana nya Basa nu jadi dasar piken tiap tiap jalma tukeuran informasi penting pikeun kalancaran hirup manusa jeung masyarakat. Nepi ka ayeuna ngenaan Basa Sunda nu asli dina harti can aya pangaruh ti mamana, jigana rada susah diteangannana, sabab lamun bener ucapan Sunda tina basa sanskerta, tanggtuna ieu nunjukeun yen ucapan keur suku na oge ngagunakeun basa nu lain basa sunda asli. Tapi kumaha samemeh pangaruh Hindu asup, pan etamah kadieunakeun nyaeta kira kira abad genep, tujuh Masehi, naha make basa isarat atawa kumaha?, tah hal ieu masih terus digunemkeun ku para ahli, sok sanajan kitu basa nu dipake ku urang sunda, basa sunda nu ayeuna tangtuna teu kabeh tina pangaruh Hindu, atawa Islam, nu hartina kalolobaana mah tangtu eta basa sunda asli sok sanajan aya parobahan dina ucapna kusabab parobahan kahirupan jeung pergaulan manusa sunda, komo deui mun inget yen urang sunda oge ngarasaan dijajah walanda nu kacida lilana

Budaya teh euweuh nu bisa sosoranganan hirup, teu malire budaya sejen, sabab hirup manusa mah sok narima pangaruh jeung mangaruhan kanu sejen  nu pastina aya silih diajar nu ngabalukarkeun nambahan kanyaho ka sewang sewangan dina sagala rupa cara kahirupan. Urang sunda narima pangaruh tina agama hindu, budha, jeung Islam tangtuna oge, loba kecap anu dicokot tur dipake ku urang sunda nu lila lila asa jadi basa sunda kusabab geus leket dipake ku urang sunda. Dina urusan basa bae teu bisa teu narima pangaruh ti basa sejen, komo deui dina widang elmu, pagawean,  kasenian, jeung agama tur  cara-cara kalembagaan sosial, tangtu urang kudu narima yen budaya sunda nu asli teh susah dijentrekenana kulantaran kaayaan diluhur, komo deui jaman ayeuna nu pinuh ku parobahan dina widang elmu jeung teknologi, nu daek teu daek bakal nyulusup kana budaya sunda, ku barobahna cara hirup manusa sunda.

Ciri budaya Manusa Sunda.Tah kusabab urang rek nempo budaya manusa sunda ku tilikan ka inohong inohongna, jigana munasabah mun ngaguar carita nyukcruk galur  sajarahna atawa Legenda pikeun eunteung urang ngenaan kabudayaan Sunda. Mun ditempo tina pangaruh budaya sejen, katempona, Carita Sangkuriang bisa ngagambarkun kahirupan urang sunda nu masih murni. Kasang tukang kahirupan Sangkuriang numutkeun Inohong Sajarah Edi S Ekadjati (2006) aya di jaman kahirupan manusa pacampur jeung kahirupan sato kajajaden (katempona mah kayakinan Animisme Dinamisme). Sangkuriang lahir ti indungna nu mangrupa manusa (Dayang Sumbi), tapi jirim bapana mangrupa Anjing (Si Tumang). Kitu deui Dayang Sumbi lahir ti indung nu mangrupa babi leuweung (celeng wayungyang), ari jirim bapana mangrupa manusa (Raja). Dayang Sumbi teh manusa nu diasingkeun ku keluargana lantaran nandang panyakit nu teu cageur cageur.

Di sajeroning pangasingan, pikeun ngaleungitkeun kakesel, Dayang Sumbi sok  ninun di saung ranggonna. Kacaritakeun hiji mangsa, taropong paragi ngasupkeun benang kana  anyaman benang murag, kulantaran hoream nyokot, Dayang Sumbi ngucap yen sing saha bae nu daek mangnyokotkeun eta taropong ka manehna, mun awewe rek dijadikeun dulur, mun lalaki rek dijadikeun salaki.. Nya harita aya anjing jalu nu ngaran si Tumang nyokot eta alat jeung nganteurkeun ka Dayang Sumbi. Barang mireungeuh yen nu nganteurkeun taropong teh mangrupa anjing jalu atuh Dayang Sumbi kacida ngagebegna ku alatan geus ragrag ucap (sarua jeung sumpah) teu meunang dibolaykeun, atuh kapaksa  Dayang Sumbi kudu ngalakonan kawin jeung anjing nu ngaran si Tumang, nepi ka boga budak lalaki nu kacida kasepna nu dingaranan Sangkuriang.

Sangkuriang ti leuleutik nepi ka mangkat baleg, diasuh jeung diaping ku Si Tumang. Dina hiji mangsa Dayang Sumbi hayangeun  jantung mencek, tuluy nitah Sangkuriang sangkan neangan mencek tur dibawa jantungna. Tapi sapopoe eta Sangkuriang teu manggih sato naon naon, sedeng waktu geus maju ka burit. Barang ret ka si Tumang nya timbul akalna, terus si Tumang dipaehan jeung dicokot jantungna, tuluy dipasrahkeun ka indungna. Ku Dayang Sumbi  terus diasakan, bari nanya kamana ari si Tumang, Sangkuriang ngabetem bae tapi ahirna balaka yen nu di asakan teh jantungna si Tumang. Dayang Sumbi ngambek bari nakol sirah Sangkuriang nepi ka baloboran getih, nu engkena ngabalukarkeun sirahna pitak, bari terus diusir.  Sangkuriang minggat teu puguh nu dijugjug. Liwat welasan tahun hiji mangsa amprok jeung Dayang Sumbi, nu akhirna timbul tatali asih tur jangji hayang ngawangun rumah tangga.

Hiji mangsa  Dayang Sumbi apaleun yen na sirah Sangkuriang aya pitakkan, atuh ngagebeg sabab etateh anakna, tuluy dibejer beaskeun ka Sangkurian hal eta teh, kalayan menta ka Sangkuriang sangkan pamaksudan rumah tangga babarengan dibolaykeun, sabab teu menang anak kawin ka indung. Sangkuriang teu peurcaya kana eta caritaan Dayang Sumbi, malahmah keukeuh hayang ngawangun rumah tangga. Ahirna Dayang Sumbi ngakal ngabatalkeun ku alatan nyanggupan laki rabi tapi saratna Sangkuriang dina jero sapeuting kudu bisa ngabendung nyieun talaga gede jeung parahu pikeun lalayaran madukeun kaasih, nu ceuk pikirna pamohalan eta sarat bisa katedunan.

Sangkuriang nyanggupan kana eta sarat, harita keneh  gancang gura giru ngumpulkeun wadia baladna bangsa lelembut nu katelah Guriang Tujuh, nya prak migawe naon nu dipikahayang Dayang Sumbi. Teu kungsi sapeuting eta pagaweaan ampir anggeus, atuh nempo kaayaan kitu Dayang Sumbi kacida reuwasna, sabab sieun ku dosa. Dayang Sumbi mujasmedi, jumerit menta pituduh Nu Kawasa sangkan Sangkuriang teu bias nganggeuskeun pagaweanana. Sangeus nampa pituduh, gura-giru Dayang Sumbi ngerahkeun masyarakat di wewengkon eta sangkan ngebeberkeun jeung ngelebetkeun boeh rarang nu didamaran ku obor nu nimbulkeun pantulan cahaya katingalina mangrupa balebat tanda peuting rek ganti beurang, kitu oge ibu-ibu jeung para wanoja dikeprik dimana-mana sangkan gancang babarengan narutu lisung tutunggulan. Ku ayana cahaya jeung lisung tutunggulan, hayam jago jadi reang pating kongkorongok, nu balukarna naon nu jadi sarat ti Dayang Sumbi teu bisa direngsekeun ku Sangkuriang.

Sangkuriang kacida ambekna, parahu nu can rengse terus ditalapung nya ragrag jadi Gunung Tangkuban parahu, tunggul – tunggul sesa nuar kai pikeun nyieun parahu robah ngajadi Gunung Bukittunggul, sedengkeun tumpukan dahan, rangrang, rerenteng jeung daun kai ngajadi Gunung Burangrang. Sangkuriang teu puas, anu saterusna ngudag-ngudag Dayang Sumbi, aya oge nu boga kayakinan  yen sapanjang jaman tepi ka wanci ayeuna Sangkuriang masih terus ngudag-ngudak Dayang Sumbi.  (Sumber carita (helda-blog.blogspot.com)

Tah kitu ringkesna carita Sangkuriang, nu sering oge disebut sasakala gunung tagkuban parahu carita eta teh lain carita sajarah, tapi carita nu deukeut deuket bisa disebut Mitos, hartina carita rakyat ngenaan  dewa dewa atawa pahlawan pahlawan jaman baheula tur sok jadi  kayakinan nu sering jadi cara nafsirkeun kahirupan manusa, asal usul alam dunya jeung nilai nilai nu kagambar tina tekad jeung tingkah paripolah manusa manusa nu dicaritakeun.

Tina carita Sangkuriang di luhur, leupas tina runtuyan caritana, numutkeun Edi S Ekajati (2006), diri Sangkuriang ngagambargeun pamuda sunda, aya sifat dinamis, pengkuh kana pamadegan, teu gampang pegat pangharepan, gede wawanen, loba akalna jeung kukuh kana kahayangna. Tangtuna sifat eta alus pisan mun jadi bahan atikan manusa (sunda)  dina nyanghareupan kahirupan tur ngalarapkeunana di tingkah polah di masyarakat. Ari nu aya di Dayang Sumbi ngagambarkeun awewe sunda nu nyekel pageuh ajen inajen tradisi jeng pamadegan sarta rea akalna oge. Ieu oge utama pisan mun aya dina diri wanoja sunda.

Carita Sangkurian nu ngagambarkeun manusa (pamuda) sunda nu pinuh ku kapercayaan diri hanjakal teu dipirosea deui ku urang Sunda numutkeun Utuy Tatang Sontan (dina Ajip Rosidi, 2020). Kalahka eleh ku kuatna mikaresep si Kabayan sawates bobodoranana, padahal mah dina carita Si Kabayan oge rea picontoeun nilai nilai nu penting pikeun kahirupan.

Conto urang sunda nu dicaritakeun di luhur tangtuna ngabogaan ciri ciri nu teu sarua lamun dibandingken jeng inohong lain, kawas Prabu Siliwangi mun dijadikeun  conto tangtu eta ngawakilan golongan panguasa pamarentahan nu asup kana golongan menak, nyakitu deui purbasari, mundinglaya, jigana bisa diasupkeun oge kana golongan menak lain golongan balarea, tangtuna beda lamun nempo manusa saperti sangkuriang komo si kabayan nu sok sanajan ngarupakeun manusa sawangan (legenda), tapi mindeng jadi dasar dina nempo kabudayaan sunda.

Prabu Siliwangi umumna dianggap manusa ideal (utama) nu ciri paripolahna dina ngaropea, ngawangun nagara, rahayat karajaan,sok jadi eunteung (nilai) keur urang sunda supaya diturutan dina kahirupan, saperti sifat adil, welas asih, sakti, wijaksana, tur boga tempoan kahareup (futuristik). Sok sanajan masih dipadungdengkeun ngenaan Prabu siliwangi naha eta sajarah atawa legenda, ngan nilai nilai paripolahna tetep jadi acuan pikeun manusa sunda, jaba dina carita pantun mah kawentar pisan di masyarakat sunda, ditambah ku masih aya kayakinan yen Sang Prabu teh teu acan tilar dunya, mung ukur ngahiang tur tetep ngaping ngajaring rahayat sunda nepi ka kiwari (wallahu A’lam).

Lamun Prabu Siliwangi jadi conto golongan pangawasa, menak nu pangluhurna, Si Kabayan jigana jadi conto sikep jeng tingkah polah rahayat balarea, si kabayan umumna digambarkeu jalma nu ngedul, loba heureuy  tapi oge loba akalna, remen pasea jeung mitoha, tapi loba alesanna nu sering bener tur ngagambarkeun pinterna dina berargumen. Hirupna bungah bae, masalah disanghareupan ku akal nu pinter sanajan kadang kadang rada licik. Hirupmah Durang Duraring ceuk si kabayan nu ngagambarkeun ulah merengut, ulah mikir nu hese hese, kudu bungah ari hirupmah sanajan samporet euweuh kaboga kaayaanana.

Tah mun ku urang ditalungtik leuwih jero pastina bakal aya hikmah nu bisa jadi pieunteungeun urang sunda nu hayang ngabudaya sunda dina nilai-nilai tur tingkah paripolah nu digambarkeun tina sifat, tingkah paripolah golongan luhur, menak panguasa, pamuda, jeung nu panghandapna nyaeta si kabayan. Tangtuna oge keder mikiranna, sabab moal aya jalma nu lengkep sifat jeng paripolah ti conto-conto diluhur, tacan deui mun di tambahan ku sifat tingkah paripolah purbasari, munding laya, kalah beuki keder, sanajan tangtuna oge sifat, ciri, karakterna moal jauh saluyu jeung tempat kahirupanna.

Tapi mun digampangkeun mah bisa bae, tina conto-conto hirupna inohong di luhur, dicokot nilai-nilai nu ngajadiken maranehna ngalampahkeun hirupna dina widang sewang-sewangan saluyu jeung peran sosialna di masyarakat. Ciri-ciri eta teh mun disaliksik hiji hiji ngawengku :

Mun Jadi Pamuda/Lalaki

Dinamis

Pengkuh kana pamadegan

Teu gampang pegat pangharepan

Gede wawanen

Loba akalna 

Kukuh kana kahayangna

Mun jadi Wanoja/Awewe

Pengkuh nyekel pageuh ajen inajen tradisi

Kuat pamadegan

Cerdas, Loba akalna.

Mun jadi Pamingpin

Adil

Welas asih,

Sakti/Kuat/tangguh

Wijaksana

Boga tempoan kahareup (futuristik), Optimis melihat ke depan

Ciri-ciri nu kasebut di luhur, sabenernamah mung ukur hiji cara nempo lalampahan manusa sunda nu dihubungkeun kana nilai-nilai nu aya di masyarakat sunda, numutkeun carita, sajarah urang sunda nu nepi ka urang, di wilah wilah soteh saluyu jeung jejer peran dina kahirupanana, sabab ari intinamah nilai-nilai etateh perlu keur kahirupan saha bae oge, dina budaya Wetan mah kaasup Budaya Sunda, nilai-nilai kaalusan teh sifatna objektif (ieu pangaruh tina ajaran Agama-agama), beda jeung di budaya Kulon nu ngahirib hirib kana nilai subjektif, nu ngajadikeun alus jeung goreng teh kumaha manusana jeung wewengkonna.

Naha euweuh ciri nu gorengna ?, tangtu bae atuh aya, kawas nu dicaritakeun ku Ajip Rosidi (2011) nu dikaitkeu jeung jiwa feodal, aya golongan menak jeng lain, nu numbuhken sikap sadaya-daya, kumaha kersa nu kagungan payung, meusmeus sumuhun dawuh, dina aya pamadegan sorangan nu teu luyu jeung fikiran menak saluhureun nya timbul rasa heurin ku letah, hartina teu wani pok nepikeun pamadegan sorangan da sieun nembag kana manah anu dikawulaan. Tah etateh sesa sesa jiwa feodal di urang sunda nu ceuk Ajip Rosidi ngarupakeun masalah nu disanghareupan ku urang sunda kumaha bisa leupas tina eta sikaf feodal. Dina lebah ieu tangtu jadi eunteung pikeun narekahan ngaleungitken, paling henteu nguranganna, tangtuna pendidikan di unggal jalurna bisa jadi alat pikeun eta.

Tapi lamun ciri di luhur nu alus bisa ngawujud dina tingkah paripolah manusa sunda, tangtuna nu goreng, utamana sikap feodal bisa euweuh atawa ngurangan, sabab nilai-nilai kaalusan (etika) teh sifatna kontinum (dumasar pamikiran Aristoteles Nichomanian Etic, nu diuraikeun deui ku Ibnu Miskawaih dina Tahdzibul Akhlaq), nu ngarayap ti tungtung ka tungtung, ti tungtung nu pangalusna, nepi ka tungtung nu panggorengna, tah owah gingsir bisa kajadian dilantarankeun ku rupa-rupa sabab, tapi nu alus tetep bae alus, nu goreng tetep goreng, kusabab kitu, keur urang sunda kudu narekahan ku rupa rupa cara supaya bisa panceg dina kaalusan nu geus dicontoan ku para inohong dina lampah paripolah saluyu jejer caritana.

Panutup : Ngabeungkeut Budaya Sunda. Budaya teh makna pokoknamah ngarupakeun nilai-nilai nu ngawangun norma tur jadi pola-pola kalakuan nu ngawatesan manusia dina kahirupan, boh nu ngait jeung Alam, kakuatan Gaib, atawa jeung papada manusia. Kalakuan nu terus terusan dilaksanakeun dina kahirupan ngajadikeun kabiasaan hirup nu ngawangun cara mikir, cara ngarasa, jeung cara hirup di masyarakat. Lamun manusa hayang ngedalkeun fikiran, pangaweruhna, jadi elmu, mun manusa ngedalkeun kaendahan, jadi seni nu bisa ngawangun cara hirup boh dina pakean, kadaharan, alat-alat hirup kahirupan jeung karesep, eta sakabehna tangtu kudu luyu jeung nalai-nilai nu jadi cecekelan manusa di masyarakat,  ku wasilah diajar ti lingkungan kahirupanana. Kaayaan kitu teh bisa ngawujud kusabab aya cara tutukeuran kanyaho, dina lebah dieu Basa ngarupakeun alat nu ngabeungket sakabehna. Jadi, Basa ngarupakeun unsur budaya nu utama dina sakabeh kabudayaan, kaasup dina kabudayaan Sunda.

Kusabab kitu, miara, tur ngamumule Basa Sunda, kudu jadi tarekah babarengan nu utama, nu ngabeungkeut tarekah pikeun miara, ngembangkeun, adat, kabiasan, tradisi, kesenian nu bisa dikaitkeun jeung budaya Daerah. Tapi lain hartina hayang minculak tina kaayaan kiwari, nu sok disebut Globalisasi, Teknologi, 4.0, atawa masyarakat 5.0, lain, lain eta, tapi kumaha carana supaya pangaruh asimilasi, akulturasi nu loba pangaruhna dina budaya sunda boh dina kasenian, norma, cara hirup, papakean, kadaharan, eta sakabehna nu aya kusabab pangaruh budaya deungeun, bisa babarengan dikembangkeung keur nguatkeun budaya sunda, ceuk basa ayeunamah bersinergi, dina ngamajukeun nilai-nilai nu jadi papagon urang sunda dina hirup jeung kahirupan di lingkungan masyarakat sunda, nu jadi wangunan budaya masyarakat Kuningan. (Rengse tema ieu, kapayun insya Allah dilajeng kana tema sanesna)

SUMBER RUJUKAN

1. Abdullah Mustafa (2017). MAJALAH SUNDA, WANDA JURNALISTIK SUNDA NGALAWAN KOMUNISME, Kiblat Buku Utama gawe bareng Pikiran Rakyat, Bandung.

2. Ahmad Bakri (2019) PAYUNG BUTUT, Kiblat Buku Utama, Bandung.

3. Ahmad Bakri (2016) LEBE KABAYAN, Kiblat Buku Utama, Bandu

4. Ajip Rosidi (2011). URANG SUNDA JEUNG BASA SUNDA, cet ka 2, Kiblat  Buku Utama, Bandung

5. Ajip Rosidi (2020). MANUSIA SUNDA, cetakan II, Kiblat  Buku Utama, Bandung

6. Ajip Rosidi (2020). KEARIFAN LOKAL, DALAM PERSPEKTIF BUDAYA SUNDA, cetakan II, Kiblat  Buku Utama, Bandung

7.  Ajip Rosidi (1983). NGALANGLANG KASUSASTRAAN SUNDA, Pusta Jaya, Jakarta.

8. Asep Salahudin (2017). SUFISME SUNDA, HUBUNGAN ISLAM DAN BUDAYA DALAM MASYARAKAT SUNDA, Nuansa, Bandung.

9. CIK Hasan Basri dkk (editor). (2005). PERGUMULAN ISLAM DENGAN KEBUDAYAAN LOKAL DI TATAR SUNDA, Kaki Langit, Bandung.

10. Departemen Pendidikan dan Kebudayaan (1987). ENSIKLOPEDI SUSASTRA SUNDA, Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa, Jakarta

11. Edi S Ekadjati (2006). NU MARANGGUNG DINA SAJARAH SUNDA, Pusat Studi Sunda, Bandung.

12.  Edi S Ekadjati (2009). KEBUDAYAAN SUNDA, SUATU PENDEKATAN SEJARAH, Pustaka Jaya, Jakarta

13. Edi S Ekadjati (2009). KEBUDAYAAN SUNDA, ZAMAN PAJAJARAN, Pustaka Jaya, Jakarta

14. Her Suganda (2015). KERAJAAN GALUH, LEGENDA, TAHTA DAN WANITA, Kiblat Buku Utama Bandung.

15. Muhammad Syamsuddin (2019). HITAM PUTIH KEN AROK, Araska, Yogyakarta

16. Saleh Danasasmita (2015). MELACAK SEJARAH PAKUAN PAJAJARAN DAN PRABU SILIWANGI, Kiblat Buku Utama, kerja sama dengan Pusat Studi Sunda, Bandung.

17.  Sri Wintala Achmad. (2019). SEJARAH KEJAYAAN SINGASARI, Araska, Yogyakarta

19. Sri Wintala Achmad. (2018). SEJARAH RUNTUHNYA SRIWIJAYA DAN MAJAPAHITI, Araska, Yogyakarta

18.  Sri Wintala Achmad. (2019). RATU KALINYAMAT, Araska, Yogyakarta

19. Sri Wintala Achmad. (2018). HITAM PUTIH MAHAPATIH GAJAHMADA, Araska, Yogyakarta

20. Sri Wintala Achmad. (2018). KRONIK PERANG SAUDARA DALAM SEJARAH KERAJAAN DI JAWA (1202 – 1757) Araska, Yogyakarta

21. Sri Wintala Achmad. (2019). PERANG BUBAT (1279 SAKA), Araska, Yogyakarta

22. Sri Wintala Achmad. (2019). SEJARAH AGAMA JAWA, Araska, Yogyakarta

23. Sri Wintala Achmad. (2019). HITAM PUTIH MAJAPAHIT, Araska, Yogyakarta

24. To Thi Anh (1984). NILAI BUDAYA TIMUR DAN BARAT (Konflik atau Harmoni), terj. J.Y. Pareira, Gramedia Jakarta

25. Undang A Darsa, Edi S Ekadjati, Mamat Ruhimat (2004). DAMARJATI, NASKAH LONTAR KROPAK 423, Unpad, Kiblat Buku Utama,  Bandung.

26. Undang A Darsa, Edi S Ekadjati (2006). GAMBARAN KOSMOLOGI SUNDA, Unpad, Kiblat Buku Utama,  Bandung

Tentang Dr. Uhar Suharsaputra

KONSULTAN PENDIDIKAN PENELITI PENULIS
Pos ini dipublikasikan di Makalah. Tandai permalink.